Posts

Showing posts with the label Banyol

Cina Vs Sunda

A Lung Keun ( dibalangkeun ) Am ( dahar ) An Jing ( gogog ) Ba Chang ( leupeut eusi daging ) Babah ( bapa ) Ba Tok ( bagian anu paling teuas dina kalapa ) Bo Tak ( teu gagaduhan rambut ) Bo Lo Ho ( bodo ) Ba Le Dog ( ah ieu mah basa inggris meureun?) Cha Bok ( gaplox ) Cha Lang Ngap ( tong dibuka bau….? ) Cha Pe Tank ( budak leutik karak bisa ngomong ) Cha Ran Cang Ti Hang ( wanci sore ) Cha Meuh ( biwir gemesin ) Chai Baw ( anu aya di solokan ) Chak Chak ( dulurna toke )

TATARUCINGAN YU..?

Nyanggakeun ieu tatarucingan, étang-étang hiburan wé. Ka nu badé ngawaler, mangga baé serta dina komentar, luyu jeung nomerna. Jawaban nu leres (nu teu leres gé) engké dipasihan hadiah. Hadiahna du'a wé nya, mugia sing panjang yuswa, sing ageung rejeki, sing laksana naon nu dipikahoyong, sing salamet dunya ahérat. Amin. Ieu sisindiran kénging nyutat tina buku Tatarucingan, Yu yasana Hadi AKS (Pamulang, 2006). Maké baju bodas lain dokter, make topi héjo lain tentara. Naon? Hayam naon anu sukuna sarébu? Diubek ditéangan, geus kapanggih dipiceun. Naon? Naon sababna lamun tumpak mobil sok nundutan? Sato naon anu teu bisaeun mundur? Bangku naon anu bisa didahar? Cing pangnyebutkeun 5 rupa ngaran bungbuahan anu sok didahar, sakali nyebut! Batu naon anu teu aya di cai? Oray naon anu teu bisaeun ngaléor? Jalma naon nu sukuna tilu panonna opat?

Ngaguar Cawokah

Image
Laporan : Mamat Sasmita Cawokah cek kamus LBSS mah hartina teh jorang, porno, resep nyebut kecap-kecap nu kudu dibalibirkeun jeung nyaritakeun sual nu matak ngahudang birahi. Jadi hartina cawokah teh teu beda jeung jorang, sedengkeun jorang cek kamus keneh nyaeta sok resep ngucapkeun kecap-kecap nu kotor bisana sok dibalibirkeun, upamana nyebut rarangan. Pangna cawokah jadi jejer dina sawala di PSS poe Saptu tanggal 12 September 2009 teh kulantaran teu bisa dibantah carita cawokah mindeng kapanggih dina guguyon Sunda, komo dina carita lisan. Contona disertasi Lina Maria Coster Weijsman (1929) nu judulna Uilespiegelverhalen in Indonesie in het biezonder in de Soendalanden ( Carita lucu di Indonesia utamana di Tanah Sunda). Buku Serial Heureuy Parahyangan meunang Kang Nay (1972). Atuh ka dieunakeun mindeng kapanggih dina buku serial heureuy Sabulangbentor karyana Taufik Faturohman. Geus puguh ari dina guguyun lisan mah tara kaliwat carita cawokah teh. Kagambar kumah...

Koleksi SMS Lebaran Idul Fitri Ku Bahasa Sunda

Image
Kanu peryogi mangga di copy , sareng bilih bade nyobi nambihan koleksi , mangga diantos pisan pedar bae di kolom komentar ulah disimpen dina ati , langkung sae di bagi-bagi. Teu hilap Weninggalih nu dipamrih, jembar panalar nu diteda, kana laku nu teu luyu, kana lampah anu salah .. bilih basa dina blog para wargi ka copy paste tanpa widi. Buat sobat yang mau nambahin SMS dalam bahasa apa saja silahkan masukan pada kolom komentar , mari kita sharing dan merasakan indahnya berbagi ,  Mangga nyanggakeun Koleksi SMS Lebaran Idul Fitri Dalam Bahasa Sunda mugi katampi.