Pasipatan jalma (hade vs goreng)

Pasipatan jalma aya dua rupa, nyaeta sipat hade jeung sipat goreng.
A. PASIPATAN JALMA NU HADE:
Getol = upama digawe henteu loba ngareureuh, budak sakola jarang absen.
Rajin = daekan kana gawe
Rapekan = sagala pagawean dicabak
Wekel = digawe henteu bosenan
Singer = kana gawe trampil
Berehan = resep barang bere
Tanghian = resep hudang isuk-isuk
Someah,sarehseh,gerewel = akuan, resep nanya
Gemi, rikrik = resep neundeun rejeki
Banteran,wanter = wani henteu eraan
Daekan = lamun dititah tara hese
Pinter = uteukna sagala bias
Sopan = nyaho anggah-ungguh tatakrama
Parimpen = neundeun barang dina tempatna, henteu asal bae
Tartib = ati-ati dina sagala pagawean
Satuhu = nurut kana sagala papatah/parentah
Apik = Ati-ati kana pagaweann supaya hasilna hade
Berseka = apik kana ngurus awak jeung pakean
Adil = henteu pilih kasih
Wijaksana = mutuskeun hiji perkara pisugemaeun, teu aya pacengkadan
Balabah = resep tutulung
Basajan = sederhana, henteu kaleuleuwihi dina laku lampah
Kandulan = henteu lalawora dina sagala rupa hal salilana ati ati
Suhud = soson-soson kana pagawean
Hidep = tara ulin teu puguh
Tarapti = henteu lalawora dina sagala rupa hal salilana ati-ati
Antieum = lungguh, henteu loba tingkah
Surti = nganyahoankeun kana kaayaan/kahayang batur
Deudeuh = Welas asih atawa nyaah ka sasama
Bener = pamikiranana nurutkeun aturan hade
Sabar = tara ambek
Tawekal = dina sagala rupa hal prihatin henteu aral

B. PASIPATAN JAMA ANU GORENG:
Kebluk = jalma anu hese dihudangkeun
Mumulan = embung digawe
Deleka = resep nyiksa sasatoan
Codeka = geus katohyan kalakuan goring
Cunihin, purunyus = tingkah lacuna pikasebeuleun
Awuntah = teu bias nyimpen rejeki
Rucah = resep miceunan duit teu puguh
Cegisan,cegekan = henteu payaan resep ngawada
Centil, genjle, ganjen = tingkah lacuna kaleuleuwihi
Kuuleun = anu teu aya guam, teu boga kahayang
Cileureun = balangah upama di sina tunggu
Murugul = mawa karep sorangan
Gehgeran = resep pipilueun
Nyendeng = awewe baha ka salaki
Cengeng, belikan,delitan = gampang putus asa atawa tampaan kana omongan tuluy sedih
Coloheor = mata karanjang teu kaop nempo nu geulis
Beubeulieun = resep diugung-ugung
Orowodol = digawe asal bae
Tiktikan = mere resiko (balanja) ngutik-ngutik di tanyakeun
Barangasan = gede ambek
Bengis = gede ambek sok mergasa
Panasbaran = jalma panasan teu kaop kaluhuran dunya
Tungi, degeg = bedegong tara daek nanya
Campelak, culangung = wani ka saluhureun
Limpeuran = pohoan kana teundeun sorangan
Teureugeus, seureudeug = digawena gurung gusuh
Suudon = goring sangkaka batur
NGabalun = indit-inditan kamana karep
Saliwang,liwar = salah pangdenge
Burahol = gede rahul (wadul)
Wangkelang = tara nurut kana papatah
Cologog, colonos = teu aya bemakrama
Tambelar, joledar = henteu ngariksa ka kolot
Bawel = resep nganteurkeun omongan ka batur
Cerewed = rewel teu weleh ngomong
Pelekik, built, licik = sok ngarah barang atawa ajang keur batur
Malaweung = teu husu upama dipapatahan
Cidra = bohong kana janji.

Comments

  1. Saieureun sabenyereun sing janten pangemut Kana laku lampah urang ...

    ReplyDelete

Post a Comment

Saumpamina aya nu peryogi di komentaran mangga serat di handap. Saran kiritik diperyogikeun pisan kanggo kamajengan eusi blog.

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona