Posts

Showing posts with the label Ritual

Biantara Nyerenkeun Calon Panganten Pameget

Alhamdulillaahil ladzi arsala rasuulahu bil huda, wadinil haq, liyudh hirahuu 'alladiini kullihii wakafaa billahii syahiidaa. Asyhadu allaa ilaaha illallaahu wahdahuu laa syariikalah, wa asyhadu anna muhammadan 'abduhu warasuluhuu laa nabiya ba'dah.   Allahumma shalli wasallim wabarik 'alaa sayyidina muhammad, wa 'alaa aalihi wa ash haa bihii wa manit taqaa. Amma ba'du. Diawitan ku basmalah, nu jadi sekar pangiring catur, sangkan jadi panghias rasa, tur jadi santun ing kalbu. Tarate hate malati ati, sangkan jadi pangemat aworna omel jeung amal. Dituturkeun ku hamdalah, kalimah panundung rambu ing takabur, nu ngahunyud dina kalbu, nu sok jadi panghalang, jorelatna teja Al Qur-an kana manah, ngaheumpikkan tembusna cahaya kudus kana kalbu, sangkan ulah aya rasa riya, sum’ah jeung takabur, nu sok pasolengkrah jeroeun dada. Dipirig ku kalimah kalih, syahadat dua lir sumpah, jangji moal lanca-linci, luncat mulang udar tina tali gadang, mo rek ngijing sila...

Pidato Seserahan Basa Sunda

PIDATO NYERENKEUN PANGANTEN  Asalamualaikum Warohmatulohi Wabarokatuh Bismillah Alhamdulillah Asolatu Wa salamu Ala Rosulillah Wa ala alihi wasoh bihi wama walah Wa Lahaula wa lakuwata ila bilah. Ama ba’du  Hadirin rohimakumulloh  Sadaya puja sareng puji syukur nu utama saleresna eta kagungan gusti Alloh nu murbeng alam, rohmat miwah kawilujengan mugi tetep ngocor ka jungjunan urang sadaya Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W. ka kulawargina ka para sahabatna sareng kasadaya umatna nu tumut kana sunahna tigin kana ajaranan dugi ka akhir Zaman.  Kanca Mitra miwah Sepuh-sepuh anu mulya  Simkuring sakulawarga miwah pun dulur sadaya tumorojog tanpa larapan nyanggakeun wilujeng tepang, tipayun manuhun seja nyambat nyebat ma’af, cukup lumur jembar hampura, bilih kirang tata titi duduga peryoga. 

Contoh Masrahkeun Calon Panganten Pameget #2

Assalamualaikum, wr.wb. Du’a……………… Minangka pamuka pisanggem, sim kuring nyanggakeunsadaya puji ka Alloh anu Murbeng alam, anu midamel bumi langit katut pangeusina.Ku ayana widi ti Mantenna urang sadaya tiasa kumpul ngariung patepung  lawung paamprok jonghok enggoning nepangkeunsareng manjangkeun silaturahmi antawis kulawargi ti Karangnunggal sarengkulawargi ti Kawali Ciamis. Mugia bae ieu pajemuhan teh aya dina ridlo sarengginulur rahmat Gusti Alloh. Solawat sinareng salam mugia salalamina ngocor kajungjunan urang sadaya Kanjeng Nabi Muhammad SAW, oge ka parakulawargina, kaparasohabatna. Mugia aya leleberanana kanggo urang sadayana, kalayan mugiaurang sadaya kenging sapaat ti Mantenna di yaumal kiyamah. Amin. Bapa Haji Sasmita miwah Ibu, kitu deui wargi-wargi anusami-sami ngaluuhan ieu pajemuhan, hormateun sim kuring,

Contoh Masrahkeun Calon Panganten Pameget #1

Assalamualaikum wr.wb. Alhamdulillah nahmaduhu wanastainuhu wa nastafioruhuwanaudubilahi min sururi anfusina wa min saiati amalina mayahdilahu fala mudilalahwama yudlilhu fala hadiyalah. Alhamdulilahiladi ahala nikah waharomasifah,ashadu anla ilaha ilalloh wa ashadu anna muhamadan abduhu warosuluh, bismilahibinimatil iman wal islam, sodakolohul adzim. Puji nu jadi mimiti mugi ngancik di Gusti Robul Ijati,kalayan mung karana kodrat mantenna urang sadaya dina waktos ieu tiasa riungmungpulung paamprok jonghok dina raraga silaturahmi, anu dipatalikeun sarengacara walimatul urus. Solawat kalih salam mugia salalamina dikocorgolontorkeunka Kanjeng Rosululloh Muhammad SAW. Oge ka parakulawargina, ka parasohabatna,ka tabiin tabiatna tug duga ka umatna muslimin muslimat. Kalayan pamugi urangsadaya kagolong kana umatna kalayan kenging safaat di yaumalkiamah. Amin.

Jampe-jampe kolot Baheula (Dok.Salakanagara)

Bisi budak hareeng bismilahirohmanirohim tiis batan cau kole di ala ku odeng odeng ceup tiis 3x Nyarang Hujan bismilahirohmanirohim nini raspati jaya ning angin embah buyut dalem jaya kusumah,,,, :: bari nahan nafas, baca 7 x Jampe Nguseup: nini beutekuk hulu aki betekuk hulu nu mondok di gowok cadas sor blenong 3x kirim aing cacing kuning tali na rantay emas jol aing jol sia ah lauk 3x Arateul alatan tangkal anu merang: bismilahirohmanirohim Hantu daun baruang tangkal di ala ku sang kuda putih hurip waras !!!

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Nyanggakeun bilih aya nu peryogi kanggo conto pidato dina raraga masrahkeun calon panganten pameget, dihandap aya 3 (tilu) conto anu tiasa di angge, wilujeng : Conto ka-1 Bismillaahirrahmaanirrahiim, Assalamu'alaikum Wr.Wb. Alhamdulillahi rabbil 'alamiin, washalatu wasalamu ala asrofil anbiyai walmursalin wa'ala alihi washohbihi ajmain. Robbisrohli sodri, wayasirli amri wahlul ukdatamillisaani yafqohu qouli. Para wargi anu sami dimulyakeun ku Alloh, sumangga urang sami-sami nagdo'a ka nu kagungan ieu alam katut sapangeusina, urang neda jiad ijabahna mugia ieu pamaksadan ginanjar karahayuan. Dulur-dulur anu sami kumpul, sanak baraya nu pada aya, sepuh anom jaler istri, kalayan asmana sepuh miwah kulawargina cep..........Tipayun mugi sih panghaksami, reh sim kuring saabringan, cunduk rusuh datang geura, tanding walik muru pasir, tanding julang muru rangrang, tanding jogjog moro mondok, moro panonobanana. Dupi anu dimaksad, ieu nganteur nu teu lu...

RAJAH - Dok.Salakanagra

Oleh: Richadiana Kartakusuma Menurut Kamus, Rajah adalah : (1) suratan (gambaran, tanda) yang dipakai sebagai azimat (untuk penolak penyakit dsb) (2) garis pada tapak tangan; guratan tangan; retak tangan; (3) coreng-coreng (cacahan) pada tubuh yang dibuat dengan benda tajam; tato dengan tujuan menghimpun daya metafisis tertentu. Dari definisi rajah yang singkat tersebut, bisa dipaparkan bahwa rajah merupakan gambar-gambar/tulisan yang memiliki simbol tertentu. Simbol adalah tanda-tanda khusus yang hanya dibaca oleh mereka yang memiliki kepentingan. Misalnya, rambu-rambu lalu lintas. Kucing, semut atau anjing tidak perlu takut duduk untuk memarkir tubuhnya apabila ada rambu dilarang parkir di pinggir jalan. Hanya manusia yang mengendarai mobil/motor saja yang wajib mentaati rambu tersebut. Begitu pula rajah. Rajah adalah simbol yang hanya bisa “dibaca” dan diterjemahkan oleh makhluk halus. Maka, manusia jenius sekaliber Albert Einstein pun pasti garuk-garuk kepala b...

Jampe Urang Sunda Boga Ajen Sastra (Dok.Salakanagara)

Ku : Uga Ujung Galuh SANAJAN waktu nyieunna lain keur kapentingan kurung-karang jiga jaman ayeuna tapi jampe bisa disebutkeun karya sastra sabab milih kekecapanana leubeut ku estetika basa. JAMPE atawa mantra ceuk basa sansekerta mah, kungsi dipiwanoh ku urang Sunda. Jampe teh ucapan-ucapan atawa kalimah anu dianggap boga kakuatan gaib mun dipigawe bari samemehna dibarengan ku rupa-rupa pasaratan. Eta kakuatan gaib teh bisa dipake jang ngaleungitkeun kasakit, nyinglar bahaya atawa nyinglar bangsa dedemit. Mun mireungeuh kana kaperluanana, tetela jampe teh lain karya sastra. Tapi mun nilik kana pilihan kecap anu leubeut kuidiom-idiom anu kuat, jampe ku pangajen basa mah bisa diasupkeun kana karya sastra puisi. Lirik-lirikna boga kakuatan anu leubeut ku estetika basa. Kaendahan kecap kacida dicekelna. Dina ngarakit wirahma matak genah kadengena jeung kacida mangaruhan anu ngadengena. Jampe teh rupa-rupa. Aya anu disebut ajian, nyaeta bacaan elmu gaib jang kapentingan ...

PURNAMAAN DI SUKAWAYANA

Ku Aan Merdeka Permana (Dok. SALAKANAGARA ) Ritual Mandi Suci di Palabuanratu Dina Jaman Pajajaran RITUAL mandi suci di muara walungan, geus jadi tradisi dina jaman Pajajaran. Ti mangsa ka mangsa, dina jamanna raja-raja Pajajaran, biasa ngayakeun mandi suci di muara Cimandiri atawa di muara Sakawayana, sisieun Samudera Béach Hotél, Palabuanratu. GENEP bulan sanggeus Sri Baduga Maharaja dibenum jadi raja munggaran Pajajaran (1821 Maséhi), aya ramalan bakal datangna musibat lini (gempa). Poéna, bulanna, geus ditangtukeun. Ku sabab kitu, dua poé saméméhna, Sri Baduga Maharaja dibarengan ku Purohita (pandita agung), mingpin sabagéan ambarahayat pikeun ngayakeun upacara mandi suci di sisi muara Walungan Cimandiri. Ana balikna deui ka Pakuan, sababaraha pal saméméh asup ka lawang saketeng, enya we musibat lini datang. Harita nu perlaya aya 30 urang sabab maranéhna teu percaya kana ramalan.