BANDUNG KOTA PANINEUNGAN (Dok.Salakanagara)
- Get link
- X
- Other Apps
Harita,
taun 1970-an, kaayaan Bandung tacan sarumpek teuing kawas ayeuna. Bemo
anu ngagantikeun cator, masih keneh pasuliwer di Alun-alun, mawa
penumpang anu ka jurusan Buahbatu. Oge oplet jurusan Cimahi, masih keneh
ngaliwatan jalan Cibadak, laju ngulon ti mimiti jalan Kelenteng, brasna
ka Cimahi, malahan ka nepi ka Padalarang. Beca masih keneh pasuliwer di
jalan-jalan protokol di tengah-tengah kota, sedengkeun angkutan kota
anu kawilang popiler harita, nyaeta ‘honda’ anu trayekna nyaeta Kebon
Kalapa Dago sarta ka Ledeng, najan ari nu ka Ledeng mah sabenerna lain
mobil merek Honda, tapi Colt Mitsubishi anu leuwih gede sarta bisa mawa
muatan leuwih loba.
Kitu deui kaayaan pasar-pasar, masih keneh
loba pasar tradisional anu jadi pangjugjugan kaom ibu anu rek baralanja.
Wangunan pasar anu ngabogaan ciri mandiri nyaeta Pasar Andir –
samemehna oge Pasar Baru sarta Pasar Kosambi sarua ngabogaan ciri
mandiri – anu nepi ka kiwari masih nyampak, sedengkeun Pasar Kosambi mah
geus jadi pasar moderen. Komo deui Pasar Baru, geus asa teu merenah
lamun rek disebut pasar oge, da wangunanna sorangan kacida agreng sarta
arsitekturna moderen tepi ka leuwih payus lamun disebut ‘super (malahan
hiper) market.’
Samemeh taun 70-an, Alun-alun anu ngalaman
sababaraha kali ‘dibebenah’, mangrupa tempat anu kawilang representatip
pikeun istirahat, ngareureuhkeun kacape lantaran indit-inditan umpamana,
sabab di Alun-alun masih keneh nyampak aya tatangkalan anu kawilang
garede tur arariuh. Di dinya, disagigireun ngareureuhkeun kacape, oge
bisa bari jajan rupa-rupaning kadaharan saperti, soto, lontong, emih
kocok jeung sajabana.Kitu deui Mesjid Agung, sanajan kungsi ngalaman
‘ganti rupa’, tapi henteu total teuing robahna teh. Alun-alun malahan
kungsi dijadikeun tempat lumangsungna kagiatan Festival Bandung anu
diiluan di antarana ku Radio Mara-Mersi 100 (Mara 27 jeung Mersi 73).
Kitu deui di jalan-jalan Dalem Kaum atawa Kepatihan, tacan jlug-jleg
wangunan anu jararangkung, paling-paling hiji-dua , saperti di antarana
puseur balanja ‘King’ anu ngagunakeun lahan urut kantor pulisi.
Tebeh wetan Alun-alun, ngajajar bioskop anu jadi pangjugjugan kaom
rumaja utamana mah, anu midangkeun film nurutkeun ‘jalur distribusina’.
Bioskop Nusantara lolobana muterkeun film Barat. Kitu deui Bioskop
Puspita sakalereunna. Ari Bioskop Aneka leuwih loba muter film Mandarin
kayaning silat jeung kung fu, sedengkeun Bioskop Dian anu pernahna di
pengkolan jalan Dalem Kaum – Jalan Pasundan, seseringna mah medar film
India.
Sabada dirombak, Bioskop Puspita ‘dilebur’ jadi hiji
jeung Bioskop Nusantara sarta Aneka, ngajanggelek jadi wangunan puseur
balanja anu dingaranan “Palaguna-Nusantara”. Waktu masih keneh miboga
fungsi minangka bioskop, boh Puspita atawa Nusantara, remen dipake
tempat resepsi pipisahan siswa sawatara SMA. Tapi sabada diwangun jadi
‘Palaguna-Nusantara’, film anu diputer bisa dilalajoan kalayan kawates
pisan tempatna, henteu cara saperti keur masih keneh bioskop galede. Ari
Gedong Miramar anu pernahna di pengkolan Jalan Asia Afrika-Jalan
Alun-alun Timur, baretona mangrupa jejeran sawatara ‘kios kumplit’, oge
rumah makan padang.
Jalan anu cukup rame diliwatan mangpirang
sarana patalimarga, nyaeta Jalan Asia Afrika, anu tepi ka kiwari masih
keneh jadi salah sahiji jalan utama anu kacida pagaliwota. Di ieu jalan,
bareto kungsi aya toko galede anu ngaranna cukup kamashur, nyaeta Toko
Kota Tujuh anu pernahna di pengkolan Jalan Asia Afrika-Jalan Alketeri,
sarta Toko Sinar Matahari (Dezon) tebeh wetanna. Ngan kiwari eta toko
anu geus dirombak teh kurang pati rame henteu saperti waktu-waktu ka
tukang. Toko Kota Tujuh jadi puseur elektronik sarta Sinar Matahari
sakali-kalieun sok dipake kagiatan pameran.
Saguliwek Alun-alun
tepi ka Jalan Otto Iskandardinata, bisa jadi pikeun urang Bandung mah
mangrupa tempat-tempat anu hamo bisa dipopohokeun, wuri-wuri kaayaan
Bandung harita mah tacan sakumaha rupek jiga ayeuna, boh sarana
patalimarga boh manusa pangeusina. Anu jadi marga lantaranna nyaeta
pedah di saguliwek eta patempatan teh mangrupa tempat anu ‘matuh’ pikeun
dijadikeun puseur kagiatan para rumaja anu keur ngalaksanakan ibadan
saum dina bulan Ramadhan. Subuh-subuh, bada saur jeung solat subuh,
terus jalan-jalan ka Alun-alun. Loba anu terus ka Mesjid Agung pikeun
milu kuliah subuh, tapi teu kurang-kurang anu ngan saukur jalan-jalan,
meakeun waktu subuh bari nungguan isuk-isuk.
Kitu deui sorena.
Dina bulan puasa mah puseur kota Bandung teh estu dijadikeun patempatan
anu pangtumaninahna pikeun jalan-jalan bari ngabuburit. Dur bedug
magrib, Masjid Agung anu harita mah tacan salega ayeuna, jadi tempat
pamuruan pikeun ngabatalan, ditema solat jamaah. Atuh jalan-jalan jadi
sararepi, tiiseun naker lamun keur waktuna buka puasa mah. Ngan di saban
tempat jajan, utamana mah anu ngajarualan anu amis-amis sabangsaning
kolek jeung candil, pinuh ku anu ngadon jarajan, ngabatalan bari
ngaganjel beuteung anu sapoe jeput teu dieusian naon-naon. Leuwihna, boh
nyubuh boh ngabuburit, pada dipikaresep ku kaom rumaja teh pedah dina
eta waktu bisa dijadikeun kasempetan pikeun ‘ngeceng’.
LAMUN
pareng salse, jalan-jalan di sapanjang Jalan Braga mangrupa hiji hal anu
nyugemakeun hate. Jalanna teu pagaliwota teuing ku kendaraan kawas
ayeuna, tepi ka bisa jalan-jalan kalayan rineh.
Toko Sarinah
harita mah minangkana toko anu paling gede, sanajan wangunanna henteu
tingkat. Kitu deui tebeh kalerna, masih keneh tacan aya bakery-bakery
saperti Franch jeung Canary. Nu aya teh, tug tepi ka kiwari, nyaeta
Sumber Hidangan sarta Braga Permai anu ceuk sakaol mah baretona jadi
pangjugjugan menir-menir jeung nonih-nonih Walanda.
Aya
embohna. Harita teh kuring kakara diajar nulis. Resep temen lamun aya
tulisan anu dikirimkeun ka redaksi suratkabar, heug dipidangkeun dina
eta koran. Kuring oge harita keur meumeujeuhna ngarasa “jadi seniman”.
Koran anu sering jadi pangjugjugan harita di antarana Harmoni, Rikat,
Berita Tunggal, Gala, sarta Mandala. Sanggeus sawatara waktu , kakara
‘wani’ ngirimkeun tulisan ka Pikiran Rakyat, malahan koran Jakarta oge
teu burung dipaju, dikiriman naskah.
Ti harita kuring wawuh ka
ngaran-ngaran anu kiwari geus jadi inohong dina dunyana, boh minangka
sastrawan atawa budayawan; malahan jadi presiden pisan najan presiden
penyair oge; Sutardji Calzoum Bachri. Aya sababaraha urang anu bareto
kungsi babarengan, tapi kiwari geus taya di kieuna, umpamana Uddin
Lubis, oge Hamid Djabbar anu karek bulan kamari ninggalkeun, mulih ka
jati mulang ka asal dipundut ku nu kagunganana. Tapi teu kurang-kurang
anu tepi ka ayeuna teu kungsi manggihan laratan-laratanana acan, saperti
Gumilar Suparya, Djauhari Tamara Dirasutisna (Tamara Kasima), Emanuel
Maleala jeung sajabana.
Tapi anu jinek, tina kagiatan
tulas-tulis teh sok sanajan asalna mah ngan mangrupa karesep wungkul,
saterusna bet jadi catang geusan ngipuk babarayaan jeung sasama anu
pada-pada mikaresep kana kagiatan tulas-tulis, malahan tepi ka kiwari
pisan masih keneh bae jadi batur pacental omong saperti jeung Asep
Idjudin, Wawan Nema, sarta Djodi Prihatna. Leuwihna, kiwari mah kuring
teh babarengan jeung anu ngaranna disebutkeun bieu, nyoba-nyoba
ngokolakeun SALAKA, sugan jeung sugan SALAKA teh bisa jadi panineungan
pikeun barudak sabadaeun kuring saparakanca, boh anak-incu, atawa
entraganana, lantaran, kahayang teh, sugan jeung sugan SALAKA bisa
dijadikeun sarana geusan ngaraksa-ngariksa basa katut budaya urang
Sunda.
Kitu deui, sanajan kota Bandung tambah lila tambah
heurin ku tangtung, sugan jeung sugan tetep dipikatineung ku barudak
entragan sabada kuring sabatur-batur.
Dihenteu-henteu oge,
Bandung teh geus mere harti anu jero pikeun kahirupan pangeusina, boh
kahirupan sacara lahiriah atawa sacara batiniah, ti jaman aki-nini nepi
ka anak-incu, kahayang mah. (Kintunan : Aam Muharam)Cag.***
Gambar : Pasar baru Bandung baheula ( google)
Kitu deui kaayaan pasar-pasar, masih keneh loba pasar tradisional anu jadi pangjugjugan kaom ibu anu rek baralanja. Wangunan pasar anu ngabogaan ciri mandiri nyaeta Pasar Andir – samemehna oge Pasar Baru sarta Pasar Kosambi sarua ngabogaan ciri mandiri – anu nepi ka kiwari masih nyampak, sedengkeun Pasar Kosambi mah geus jadi pasar moderen. Komo deui Pasar Baru, geus asa teu merenah lamun rek disebut pasar oge, da wangunanna sorangan kacida agreng sarta arsitekturna moderen tepi ka leuwih payus lamun disebut ‘super (malahan hiper) market.’
Samemeh taun 70-an, Alun-alun anu ngalaman sababaraha kali ‘dibebenah’, mangrupa tempat anu kawilang representatip pikeun istirahat, ngareureuhkeun kacape lantaran indit-inditan umpamana, sabab di Alun-alun masih keneh nyampak aya tatangkalan anu kawilang garede tur arariuh. Di dinya, disagigireun ngareureuhkeun kacape, oge bisa bari jajan rupa-rupaning kadaharan saperti, soto, lontong, emih kocok jeung sajabana.Kitu deui Mesjid Agung, sanajan kungsi ngalaman ‘ganti rupa’, tapi henteu total teuing robahna teh. Alun-alun malahan kungsi dijadikeun tempat lumangsungna kagiatan Festival Bandung anu diiluan di antarana ku Radio Mara-Mersi 100 (Mara 27 jeung Mersi 73).
Kitu deui di jalan-jalan Dalem Kaum atawa Kepatihan, tacan jlug-jleg wangunan anu jararangkung, paling-paling hiji-dua , saperti di antarana puseur balanja ‘King’ anu ngagunakeun lahan urut kantor pulisi.
Tebeh wetan Alun-alun, ngajajar bioskop anu jadi pangjugjugan kaom rumaja utamana mah, anu midangkeun film nurutkeun ‘jalur distribusina’. Bioskop Nusantara lolobana muterkeun film Barat. Kitu deui Bioskop Puspita sakalereunna. Ari Bioskop Aneka leuwih loba muter film Mandarin kayaning silat jeung kung fu, sedengkeun Bioskop Dian anu pernahna di pengkolan jalan Dalem Kaum – Jalan Pasundan, seseringna mah medar film India.
Sabada dirombak, Bioskop Puspita ‘dilebur’ jadi hiji jeung Bioskop Nusantara sarta Aneka, ngajanggelek jadi wangunan puseur balanja anu dingaranan “Palaguna-Nusantara”. Waktu masih keneh miboga fungsi minangka bioskop, boh Puspita atawa Nusantara, remen dipake tempat resepsi pipisahan siswa sawatara SMA. Tapi sabada diwangun jadi ‘Palaguna-Nusantara’, film anu diputer bisa dilalajoan kalayan kawates pisan tempatna, henteu cara saperti keur masih keneh bioskop galede. Ari Gedong Miramar anu pernahna di pengkolan Jalan Asia Afrika-Jalan Alun-alun Timur, baretona mangrupa jejeran sawatara ‘kios kumplit’, oge rumah makan padang.
Jalan anu cukup rame diliwatan mangpirang sarana patalimarga, nyaeta Jalan Asia Afrika, anu tepi ka kiwari masih keneh jadi salah sahiji jalan utama anu kacida pagaliwota. Di ieu jalan, bareto kungsi aya toko galede anu ngaranna cukup kamashur, nyaeta Toko Kota Tujuh anu pernahna di pengkolan Jalan Asia Afrika-Jalan Alketeri, sarta Toko Sinar Matahari (Dezon) tebeh wetanna. Ngan kiwari eta toko anu geus dirombak teh kurang pati rame henteu saperti waktu-waktu ka tukang. Toko Kota Tujuh jadi puseur elektronik sarta Sinar Matahari sakali-kalieun sok dipake kagiatan pameran.
Saguliwek Alun-alun tepi ka Jalan Otto Iskandardinata, bisa jadi pikeun urang Bandung mah mangrupa tempat-tempat anu hamo bisa dipopohokeun, wuri-wuri kaayaan Bandung harita mah tacan sakumaha rupek jiga ayeuna, boh sarana patalimarga boh manusa pangeusina. Anu jadi marga lantaranna nyaeta pedah di saguliwek eta patempatan teh mangrupa tempat anu ‘matuh’ pikeun dijadikeun puseur kagiatan para rumaja anu keur ngalaksanakan ibadan saum dina bulan Ramadhan. Subuh-subuh, bada saur jeung solat subuh, terus jalan-jalan ka Alun-alun. Loba anu terus ka Mesjid Agung pikeun milu kuliah subuh, tapi teu kurang-kurang anu ngan saukur jalan-jalan, meakeun waktu subuh bari nungguan isuk-isuk.
Kitu deui sorena. Dina bulan puasa mah puseur kota Bandung teh estu dijadikeun patempatan anu pangtumaninahna pikeun jalan-jalan bari ngabuburit. Dur bedug magrib, Masjid Agung anu harita mah tacan salega ayeuna, jadi tempat pamuruan pikeun ngabatalan, ditema solat jamaah. Atuh jalan-jalan jadi sararepi, tiiseun naker lamun keur waktuna buka puasa mah. Ngan di saban tempat jajan, utamana mah anu ngajarualan anu amis-amis sabangsaning kolek jeung candil, pinuh ku anu ngadon jarajan, ngabatalan bari ngaganjel beuteung anu sapoe jeput teu dieusian naon-naon. Leuwihna, boh nyubuh boh ngabuburit, pada dipikaresep ku kaom rumaja teh pedah dina eta waktu bisa dijadikeun kasempetan pikeun ‘ngeceng’.
LAMUN pareng salse, jalan-jalan di sapanjang Jalan Braga mangrupa hiji hal anu nyugemakeun hate. Jalanna teu pagaliwota teuing ku kendaraan kawas ayeuna, tepi ka bisa jalan-jalan kalayan rineh.
Toko Sarinah harita mah minangkana toko anu paling gede, sanajan wangunanna henteu tingkat. Kitu deui tebeh kalerna, masih keneh tacan aya bakery-bakery saperti Franch jeung Canary. Nu aya teh, tug tepi ka kiwari, nyaeta Sumber Hidangan sarta Braga Permai anu ceuk sakaol mah baretona jadi pangjugjugan menir-menir jeung nonih-nonih Walanda.
Aya embohna. Harita teh kuring kakara diajar nulis. Resep temen lamun aya tulisan anu dikirimkeun ka redaksi suratkabar, heug dipidangkeun dina eta koran. Kuring oge harita keur meumeujeuhna ngarasa “jadi seniman”. Koran anu sering jadi pangjugjugan harita di antarana Harmoni, Rikat, Berita Tunggal, Gala, sarta Mandala. Sanggeus sawatara waktu , kakara ‘wani’ ngirimkeun tulisan ka Pikiran Rakyat, malahan koran Jakarta oge teu burung dipaju, dikiriman naskah.
Ti harita kuring wawuh ka ngaran-ngaran anu kiwari geus jadi inohong dina dunyana, boh minangka sastrawan atawa budayawan; malahan jadi presiden pisan najan presiden penyair oge; Sutardji Calzoum Bachri. Aya sababaraha urang anu bareto kungsi babarengan, tapi kiwari geus taya di kieuna, umpamana Uddin Lubis, oge Hamid Djabbar anu karek bulan kamari ninggalkeun, mulih ka jati mulang ka asal dipundut ku nu kagunganana. Tapi teu kurang-kurang anu tepi ka ayeuna teu kungsi manggihan laratan-laratanana acan, saperti Gumilar Suparya, Djauhari Tamara Dirasutisna (Tamara Kasima), Emanuel Maleala jeung sajabana.
Tapi anu jinek, tina kagiatan tulas-tulis teh sok sanajan asalna mah ngan mangrupa karesep wungkul, saterusna bet jadi catang geusan ngipuk babarayaan jeung sasama anu pada-pada mikaresep kana kagiatan tulas-tulis, malahan tepi ka kiwari pisan masih keneh bae jadi batur pacental omong saperti jeung Asep Idjudin, Wawan Nema, sarta Djodi Prihatna. Leuwihna, kiwari mah kuring teh babarengan jeung anu ngaranna disebutkeun bieu, nyoba-nyoba ngokolakeun SALAKA, sugan jeung sugan SALAKA teh bisa jadi panineungan pikeun barudak sabadaeun kuring saparakanca, boh anak-incu, atawa entraganana, lantaran, kahayang teh, sugan jeung sugan SALAKA bisa dijadikeun sarana geusan ngaraksa-ngariksa basa katut budaya urang Sunda.
Kitu deui, sanajan kota Bandung tambah lila tambah heurin ku tangtung, sugan jeung sugan tetep dipikatineung ku barudak entragan sabada kuring sabatur-batur.
Dihenteu-henteu oge, Bandung teh geus mere harti anu jero pikeun kahirupan pangeusina, boh kahirupan sacara lahiriah atawa sacara batiniah, ti jaman aki-nini nepi ka anak-incu, kahayang mah. (Kintunan : Aam Muharam)Cag.***
Gambar : Pasar baru Bandung baheula ( google)
- Get link
- X
- Other Apps
Comments
Post a Comment
Saumpamina aya nu peryogi di komentaran mangga serat di handap. Saran kiritik diperyogikeun pisan kanggo kamajengan eusi blog.