Posts

Teks kawih Prosesi "Buka Pintu"

Nyukcruk galur ti karuhun Nutur lacak para wali nyambuang ka bala rea Titinggal ti nini aki Ngawaris kabudayaan Seni sunda sawe asli Seni sunda pikeun suluk Gambaran siloka diri Hirup ulah kajongjonan Mawa diri sing taliti Satincak make pikiran Pikiran ieu pepeling Pepeling jalan pituduh Nuduhkeun diri sing lilir Hahalang lugay disinglar Mun hayang salamet diri Di dunya ukur ngumbara Peupeujeuh sing repeh rapih Repeh rapih nu salembur Ka cai jadi saleuwi Ka darat jadi salogak Pageuh pakuat-pakait Ulah ingkah bali-lahan Anrubna ngajadi hiji Ngahiji ngajadi dulur Sadaya mahlukna Gusti Hubungan sabilulungan Kedalkeun katineung ati Ka ibu sareng ka rama Neneda ka Maha Suci Neda agung cukup lumur Neda jembar pangaksami Bilih aya kalepatan Wireh ayeuna sim kuring Nyawer anu pangantenan Nyanggakeun mugi ditampi.

Conto Teks Sawer Panganten (2)

Nyukcruk galur ti karuhun Nutur lacak para wali Nyambung ka bala rea Titinggal ti nini aki Ngawaris kabudayaan Seni sunda sawer asli Seni sunda pikeun suluk Gambaran siloka diri Hirup ulah kajongjonan Mawa diri sing taliti Satincak make pikiran Pikiran ieu pepeling Papeling jalan pituduh Nuduhkeun diri sing lilir Hahalang lugay disinglar Mun hayang salamet diri Di dunya ukur ngumbara

Conto Teks Sawer Panganten

1. Bismillah damel wiwitan Mugi Gusti nangtayungan Eulis- Asép nu réndéngan Mugia kasalametan 2. Salamet nu panganténan Ulah aya kakirangan Sing tiasa sasarengan Sangkan jadi kasenangan 3. Sing senang laki rabina Nu diwuruk pangpayunna Nyaéta badé istrina Masing dugi ka hartina 4. Hartikeun eulis ayeuna Lebetkeun kana manahna Manawi aya gunana Nu dipamrih mangpaatna

Rarasaan

Image
Amis = rasana gula Anta = rasana cai sumur di taneuh tela/ basisir Asin = rasana uyah Gahar = rasana manisan/ inuman nu ngandung rasa amis-asem Haseum = rasana cuka, bungbuahan nu atah keneh Kecut = rasana cuka Kesed = rasana salak, salak ngora Keutar = rasana geutah, cangkang bungbuahan Keurang = rasana kadaharan nu geus tengi atawa nu di goring ku minyak kalapa murah Lada = rasana cengek Pahang = rasana buah jengkol, iwung nu geus kolot/ iwung nu can diasakeun Pangset = rasa olahan nu rea teuing uyah (asin pisan) Pait = rasana paria, hamperu, kina Peuheur = rasana terong

Ngaran Patukangan

Anjun : tukang nyieun parabot tina taneuh Bujangga : tukang nyieun/ nulis carita Candoli : tukang ngajaga pabeasan di nu kariaan (biasana awewe) Gending : tukang nyieun parabot tina kuningan Kabayan : tukang dititah ka dittu da dieu Kajineman : 1) mandor sakitan, 2) tukang ngajaga jinem (nu dihukum) Kamasan : tukang nyieun parabot tina emas atawa perak Kabojengkeng : tukang ngagusur padati Kulaer : kusir anu tumpakna dina kuda kareta pangagung Kuncen : tukang ngurus kuburan Legig : tukang ngasruk dina pamoroan Malim : tukang nalukkeun sasatoan Maranggi : tukang nyieun landean jeung sarangka keris Merebot : tukang nakol bedug Nyarawedi : tukang ngagosok permata Pakacar : bujang, juru laden

Ngaran Wangunan

Bagan : saung ranggon di laut, paranti pamayang ngala lauk. Balandongan : adegan saheulanan pikeun narima semah; tempat kamonesan di nu kariaan Bale : adegan wangunan Bale bandung : tempat ngabandungan parentah raja Bale desa : kantor pamong desa Bale kota : kantor walikota Bale watangan : kantor pangadilan Bedeng : imah leutik atawa imah dipetak-petak pikeun pagawe leutik upamana bae imah kontrakan Bedeng : tempat pabinihan karet. kopi, enteh, jsb. Elos : adegan nu biasana tara dibilikan sabudeurna, paranti nyimpen bahan piimaheun Garduh : wawangunan leutik sisi jalan tempat ngajaga kaamanan atawa tempat pangreureuhan nu ngaronda Gosali : adegan tempat digawe panday (tukang nyieun parabot tinda beusi) Imah : wangunan tempat pamatuhan jalma Istal/ gedogan : kandang kuda Jobong : kamar ataa imah leutik nu nempel di imah batur Jongko/ kios : adegan pikeun tempat dagang

Kakawihan Barudak (Baheula)

AYANG-AYANGGUNG Ayang-ayang gung Gung goongna rame Menak ki Wastanu Nu jadi wadana Naha maneh kitu Tukang olo-olo Loba anu giruk Ruket jeung kompeni Niat jadi pangkat Katon kagorengan Ngantos Kangjeng Dalem Lempa lempi lempong Ngadu pipi jeung nu ompong Jalan ka Batawi ngemplong