Posts

Showing posts from September, 2012

Makuta Hayam Wuruk di Majalaya ( Dokumen Salakanagara)

Image
Kintunan : Aan Merdeka Permana Naha Enya Makuta Hayam Wuruk Kapanggih di Majalaya? NU écés, ti wewengkon Majalaya mémang geus kapanggih hiji makuta raja. Sawatara urang dinya nyangka,éta téh makuta Prabu Hayam Wuruk sawaktu ngadatangan (tur maot) di wewengkon Majalaya. Kapanggih gambar galudra anu jadi lambang Majapahit. ANYAR-ANYAR ieu di wewengkon Majalaya, Kabupatén Bandung kapanggih artéfak sejarah, mangrupa makuta. Ari kapanggihna téh di lelewek lembur Leuwidulang, Désa Sukamaju. Di kompléks SMA Pasundan Majalaya. Henteu digujrudkeun, nepi ka paraguru gé réa anu teu apal. Geus puguh murid-muridna mah. Tapi, ari urang Yayasan Pasundan mah geus réa nu dibéré iber. Malah, sababaraha urang mah maké jeung hayang mecakan, kaasup kapala sakola SMA Pasundan Majalaya tapi, sarua deuih, henteu gujrud. Ayeuna makuta téh disimpen dina lomari kaca. Lian ti makuta, aya deuih barang séjénna mangrupa tongkat. Bahanna sarua, campuran pérak, wesi kuning, jeung emas 18 kara

Conto Naskah Sungkeman

Ka dulur-dulur anu sami rawuh, baraya anu sami lenggah, sim kuring sateuacan ngiring jabung kumalaku, lumampah cumarita seja wakca balaka, wiréh sim kuring sanés pujangga anu ahli ngaréka basa, sanés sastrawan anu ahli dina ngaraéh caritaan. Kumargi kita paralun maklum anu kasuhun, hampura anu diteda, boh bilih dina ngadadar ieu acara kirang nyorang kana kakedahannana.Ka para ahli ngukir sya’ir, pujangga ahli sastra mugia ulah haru ulah ganggu, sawios sim kuring neda widi paralun maklum sakedapan hoyong dikoréksi, diropéa, ogé dioméan manawi tiasa nyampurnakeun kana curat-corét sim kuring.  

ISTILAH TATANGKALAN JEUNG DADAUNAN

 Balukang = palapah daun kalapa/ kawung Baralak/ barangbang = daun kalapa nu geus garing dina tangkalna Bogol = bagian tangkal kalapa/ cau nu panghandapna (tempat bijilna akar) Catang = tangkal kai nu geus ngagoler (garing) lantaran runtuh atawa dituar Iwung = anak awi nu mangrupa boros keneh (sok didahar: disepan diangeun) Kalakay = daun nu geus garing (nu geus murag ka taneuh) Kararas = sesebutan husus pikeun daun cau nu geus garing Koleang = daun nu geus garing, nu ngoleang murag tina tangkalna (samemes tepi ka taneuh) Pancar = tangkal awi nu geus garing (sok dipake suluh) Pangpung = bagian dina tangkal kai, dahan, nu paeh/ garing Petet = bibit tutuwuhan nu leutik keneh, nu jadi sorangan atawa beunang ngahaja melak Ruyung/ bogor = bagian anu teuas dina tangkal kawung Sirung = pidahaneun atawa pitangkaleun nu kakara jadi, melentis Tunggul = bagian tangkal sesa nuar

Kecap Panganteur

Dina basa Sunda aya nu disebut Kecap Panganteur. Kecap panganteur aya dua: aya kecap panganteur pagawéan, aya kecap panganteur kaayaan. Kecap panganteur teh gunana pikeun ngantebkeun caritaan. Geura titenan ieu kecap-kecap panganteur di handap. am dahar barakatak seuri bek dahar beledug bitu belenyéh/nyéh imut beleték peupeus beletok potong belewer malédog beretek/berebet lumpat berewek soek/ soeh biur ngapung blak nangkarak blok bahe

Kamu Basa Sunda

 KAMUS BASA SUNDA Aa = panggilan buat kakak, atau biasa juga digunakan pada anak-anak/pada lelaki yang lebih tua usianya/ dipakai juga sebagai panggilan perempuan pada lelaki sebaya/ panggilan sayang Abah = ayah/ panggilan untuk orang yang pantas disebut ayah Abdi = saya (bahasa halus dari kuring) Abéh/ ambéh = supaya, agar Aber, aber-aberan/ ngaber = bepergian atau bermain-main ke tempat yang jauh Abir, peso abir = pisau tipis untuk mengiris bawang dsb. Pisau dapur Ablag/ ngablag = terbuka lebar (pintu dsb.) ublug-ablag = luas Abong, abong-abong = mentang-mentang. Missal: abong-abong geus beunghar, papanggih ge teu daek nanya (mentang-mentang sudah kaya, bertemu pun tak mau menyapa) Abot = berat (bahasa halus dari beurat). Abreg/ ambreg, ngambreg = datang bersamaan waktunya. Ambreg-ambregan = berdatangan dengan jumlah yang banyak Abret, ngabret, abret-abretan = lari sambil melompat-lompat seperti lari kuda/ anak-anak yang bersuka ria

Cina Vs Sunda

A Lung Keun ( dibalangkeun ) Am ( dahar ) An Jing ( gogog ) Ba Chang ( leupeut eusi daging ) Babah ( bapa ) Ba Tok ( bagian anu paling teuas dina kalapa ) Bo Tak ( teu gagaduhan rambut ) Bo Lo Ho ( bodo ) Ba Le Dog ( ah ieu mah basa inggris meureun?) Cha Bok ( gaplox ) Cha Lang Ngap ( tong dibuka bau….? ) Cha Pe Tank ( budak leutik karak bisa ngomong ) Cha Ran Cang Ti Hang ( wanci sore ) Cha Meuh ( biwir gemesin ) Chai Baw ( anu aya di solokan ) Chak Chak ( dulurna toke )

Paribasa

1. Abong biwir teu diweungku, abong letah teu tulangan = jelema nu ngomongna sakarep arep,ngomong teu jeng wiwaha 2. Adep hidep = kumawula (ka salaki) 3. Asa dipupuk birus = ngarasa tibra hate 4. Asa ditonjok congcot = ngarasa atoh dumeh meunang rejeki atawa pikabungaheun anu teu disangka- sangka 5. Asa kagunturan madu kaurugan menyan bodas = kacida bungahna jeung kacida bagjana 6. Asa katumbu umur = ngarasa atoh ditulungan dina keur kasusahan 7. Asa nyanghulu ka jarian = teu ngenah rasa,lantaran kudu ngadunungan ka jalma nu sahandapeun pangartina atawa harkat darajatna. 8. A sa peunggas rancatan = leungiteun batur nu nalang dina pagawean 9. Asa rawing ddaun ceuli = mindeng ngadenge omongan nu teu ngenah 10. Atung eneh atung eneh = kitu-kitu keneh bae 11. Awak sabeulah = randa nu hirup imah-imah sorangan

Kumpulan paribahasa

1. Abong biwir teu diweungku, abong letah teu tulangan = jelema nu ngomongna sakarep arep,ngomong teu jeng wiwaha 2. Adep hidep = kumawula (ka salaki) 3. Asa dipupuk birus = ngarasa tibra hate 4. Asa ditonjok congcot = ngarasa atoh dumeh meunang rejeki atawa pikabungaheun anu teu disangka- sangka 5. Asa kagunturan madu kaurugan menyan bodas = kacida bungahna jeung kacida bagjana 6. Asa katumbu umur = ngarasa atoh ditulungan dina keur kasusahan 7. Asa nyanghulu ka jarian = teu ngenah rasa,lantaran kudu ngadunungan ka jalma nu sahandapeun pangartina atawa harkat darajatna. 8. A sa peunggas rancatan = leungiteun batur nu nalang dina pagawean 9. Asa rawing ddaun ceuli = mindeng ngadenge omongan nu teu ngenah 10. Atung eneh atung eneh = kitu-kitu keneh bae 11. Awak sabeulah = randa nu hirup imah-imah sorangan

PANCAKAKI

Pancakaki nya éta hiji sistem nu ngagambarkeun hubungan kulawarga . Bangsa-bangsa di dunya atawa nu basana béda bisa waé ngabogaan pola-pola nu ampir sarua. Upami kitu, narjamahkeun hiji istilah ka basa séjén minangka pagawéan nu teu susah. Ngan sakapeung, panarjamah héséeun narjamahkeun istilah-istilah pancakaki ti bangsa nu sistemna béda. Pancakaki urang Sunda Dina adat istiadat urang Sunda , pancakaki téh ngabogaan dua harti. Kahiji, pancakaki téh hartina pernahna jelema ka jelema deui anu sa kulawarga atawa anu kaasup baraya kénéh. Upamana baé, kumaha pancakakina si Dadap ka si Waru, naha kaasup indung, bapa, nini, aki, paman, bibi, anak, incu, buyut. alo, suan, jsté. Kadua, pancakaki téh hartina mapay perenahna kabarayaan.

ISTILAH WANDA JEUNG NAMI SUNDA

I.   B É R ÉD ÉLAN KECAP WANDA HEUBEUL JEUNG WANDA ANYAR A asong-saran = masukan, saran, usulan ambah-buwana = internasional, global B b éb én é  = kabogoh (istri), pacar perempuan Bendahara = keuangan balak écrakan = dahar bareng, makan bersama b éwara = pengumuman beubeureuh = kabogoh (pameget), pacar lelaki. biantara = pidato C C andoli  = logistik, perlengkapan Cipta Gentra  = Producer Kasenian Cipta Karya  = Producer Barang Cittanung maya = pikiran khayal

SESEBUTAN KA JALMA

SESEBUTAN KA JALMA NYOKOT TINA PATOKAN BEDANA UMUR Jabang bayi = orok anu masih di jero kandungan Orok = ti mimiti dilahirkeun nepi kabisa diuk Budak = mimiti bisa diuk nepi ka rumaja Lelengkah halu = budak keur diajar leumpang Kembang buruan = budak keur sesedengna pikayungyuneun Bilatung dulang = budak keur sesedengna beuki dahar Parawan, cawene,mojang = awewe nincak rumaja (can kawin) Jajaka,bujangan = lalaki nincak rumaja (can kawin) Parawan jekekan = keur sesedengna rumaja Bujang jengglengan = keur sesedengna rumaja Beger = mangkat birahi, awewe resep ka lalaki Lalaki mimiti bogoh ka awewe. Baleg tampele = beger nudibarengan rasa era (sieun) Galak sinongnong = beger pikeun lalaki, ari ti kajauhan wani Tapi ari geus deukeut era. Turun amis cau = Awewe nu mimiti kaluar buuk lemes tina Luhureun tarang.cirina sorana halimpu Jeun